Nasib Aing
Rebun keneh Dirman
geus aya di jalan satapak nu muru ka pancuran tujuh bari
nanggung dua jariken kosong ukuran dua puluh lima leter. Dirman geus paheut rek mantuan indungna mangalakeun
cai. “Gara-gara
sia aing jadi nganggur,” gerendeng Dirman bari habek wae rungkun hui boled anu
dililiwat ku manehna ditajong satakerna. Soledat, gubrak, Dirman labuh
nangkarak bengkang. Ari jariken jeung rancatanna gugulutukan ka lebak.
“Jadol! waduk
gening.” Singhoreng nu ditajong ku Dirman
teh tai munding. Dirman kukulutus sorangan bari sibuk meresihan
tai munding nu amuratel kana pakeanana. Malum harita teh kaayaan masih rada
poek, ka tambah-tambah ceudeum deuih. Jeung kakara deui Dirman nincak ka cai
lebak.
Can saminggu Dirman
kaluar ti pabrik anu anyar dibangun
di sisi jalan raya di tukangeun kampung Dirman. Ngan
karasa da ari nganggurmah, saminggu teh meni asa sabulan. Duit sesa-sesa gawe
dipake mere ka indung jeung roko manehna gancang pisan beakna. Basa ngadenge indung aya
nu nitah ngala cai Dirman curinghak. Kahiji, aya piduiteun. Kaduana, aneh
oge yen nu nitah teh ceu Icih, pamajikan mandor Kurdi. Dirman cangcaya naha ceu
Icih make nitah ngala cai sagala, komo deui jeung menta bak kamar mandina dipinuhan.
Padahal pan kabutuhan cai mah ditanggung ku pabrik, komo deui jang pangkat
mandor. Jeung deuih, aya kabijaksanaan pabrik jang kabeh pagawe nu asal ti
kampung nu aya di tukangeun pabrik, kampung Dirman, bisa make cai pabrik pekeun
nyumponan kabutuhan sapopoena.
Basa Dirman nyanggupan pamenta ceu Icih, ceu Icih nu biasa kucem teh meni
atoheun pisan malah mere roko sagala jeung korek gasna. Tapi kusabab butuh, Dirman
teu loba mikir. Najan kitu, sajeroning nyumponan pamenta pamajikan Mandor Kurdi
dina jero hate Dirman terus galecok. Dirman yakin manehna dikaluarkeun ti
pabrik teh cukang lantaran mandor Kurdi. Dua minggu saeuncan Dirman dipecat, pabrik
nyieun kaputusan anyar jang sarat gawe di pabrik minimal kudu boga ijazah SD.
Padahal basa awal ngadirikeun pabrik husus jang pagawe anu asal di sabudeureun
pabrik bisa ditarima gawe asal bisa mere izin pangwangunan pabrik. Sarat lain,
warga sabudeur pabrik kudu daek ngajual tanahna jang pangwangunan pabrik. Dina
dua sarat eta, Dirman rumasa ngan bisa ngilu nandatangan pangwangunan pabrik.
Tanda tangan Dirman oge ngawakilan indungna anu teu bisa neken sabab buta
huruf.
Dirman jeung indungna cicing di tanah warisan ninina, hiji astana jaman
baheula. Dina eta astana aya sakotak tanah kosong nu dijadikeun imah atawa sasaungan
nu dicicingan Dirman jeung indungna. Dirman teu bisa mere ijin mun tanah
kuburan kudu direlokasi oge sabab kulawarga anu dikubur di eta kuburan duka di
mana cicingna. Dirman teu bisa ngawakilan kabeh kulawarga nu dikubur. Kusabab kitu
tanah astana nu legana ampir satengah hektar teh teu bisa dijadikeun lahan
pabrik. Pabrik oge teu ngamasalahkeun kana pamedegan Dirman. Jeung deui tanah
nu aya geus cukup jang dijadikeun pabrik.
Nepi hiji waktu, bos pabrik jeung mandor Kurdi manggil Dirman ka kantorna.
Harita pabrik nawaran jabatan mandor ka Dirman. Saratna, Dirman jeung indungna
kudu pindah ti eta kuburan sabab pabrik perlu nambahan bangunan jang padumukan
direksi pabrik. Dirman dipenta supaya bisa nandatangan surat jual beuli kuburan.
“Maneh bakal jadi mandor man,” ceuk mandor Kurdi, bari seuri nembongkeun
huntuna nu cokelat.
Na jero hate, lamun aing jadi mandor, si Kurdi bakal jadi naon? Dirman
dibere waktu saminggu jang mikiran eta tawaran. Mun henteu, kapaksa pabrik teu
bisa ngagawekeun Dirman. Tapi Dirman keukeuh teu bisa nyumponan kahayang pabrik
sabab teu bisa ngawakilan puluhan kulawarga nu salah sahiji karuhunna dikubur
di eta astana. “Matak dikubur di dinya ge maranehna teh geus teu paduli deui.
Naha jadi maneh nu paduli?” tembal mandor Kurdi semu muncereng.
Tapi Dirman keukeuh teu bisa nyanyahoanan nyerahkeun tanah makam. Jeung
deui, indungna meunang amanat ti indungna, nini Dirman saencan maot, “Tong
mirosea tanah astana.” Alesan ieu ge ditepikeun ka si bos jeung mandor Kurdi.
“Nya ari kitumah maneh teh hayang dipecat man,” ceuk mandor Kurdi, jiga manehna
we nu boga kakawasaan pangluhurna di eta pabrik teh. Sedengkeun si bos ngan
saukur manggut-manggut bari sasakali nitenan beungeut Dirman.
Dirman yakin mandor Kurdi hayang ngapimilik tanah astana. Nu paling segut
merjuangken panguasaan tanah astana ti awal nepi ka ngadeg pabrik teh mandor
Kurdi. Indungna ngadenge kitu teh ngan saukur kumecrek bari ngarahuh. Ninggali kaayaan
kitu, Dirman bati ngahelas. Umur indungna geus nincak 50 tahun, salila eta indungna
teh loba pisan nandangan tunggara. Waktu keur kakandungan ku Dirman, indungna ditinggalkeun salaki, bapana Dirman. Tepi ka
ayeuna Dirman teu apal beungeut nu jadi bapa. Teu lila saditinggalkeun salaki,
indung Dirman ditinggalkeun maot ku nu jadi kolot nu tinggal hiji-hijina, nini Dirman.
Ari akina Dirman geus lila maot, jauh saacan Dirman lahir. Atuh ayeuna indung Dirman
teh pahatulalis, teuboga indung jeung bapa. Ayeuna imah paninggalan kolot nu
ngan hiji-hijina teh rek aya nungagunasika. Tangtu wae Dirman nu jadi tanggelan
hiji-hijina nu jadi kolot moal cicingeun.
***
Liwat lohor Dirman
geus beres ngakutan cai. Manehna
ngalempreh deui dina dipan butut. Asli awakna asa pasiksak teh. Tak-tak mah
geus puguh cing sariak panas balas tapak rancatan. Keur anteng ngagelehe,
selengseng bau tai sapi anu masih
nempel di baju jeung calanana. Atuh nu tadina rek sare
teh teu jadi. Bakat ku cape tai sapi
nu masih lamokot dina baju jeung calana nepi ka teu katitenan ku Dirman.
Sadar-sadar saenggeus lerep kacapena, tinggal lungsena. Nya leuleus-leuleus oge
ahirnamah Dirman cengkat muru ka lebak deui ngadon mandi jeung nyeuseuhan. Di imah euweuh sasaha. Indungna biasa jam sakitu mah babantu nyumponan
panitah saha wae bari jeung teu puguh
buruhanna. Ras Dirman teh inget ka manehna sorangan, ka na masa
depanna anu poek mongkleng, seredet hatena ngalenyap. Piraku aing bakal sarua jeung nasib indung?
Samemeh indit, Dirman luhaloho heula ka imah ceu Icih. Maksud rek nagih
buruh. Ngan orokaya imah ceu Icih teh sarepi. Ditoongan jandelana ge euweuh tanda-tanda aya nu boga imah. Sabet
keur anteng kitu, celengkeung di tukang aya nu nanya: “Keur naon maneh, Dirman?”
Dirman ngagebeg
sabab kitu na teh bari
galamun. Pas direret teh gening si
Onah, adi beuteungna ceu Icih. Panon si Onah pinuh ku tanda
curiga. Dirman teu bisa ngajawab da reuwas di gebah kitu teh. Jeung deuih, Dirman teu resep ka si Onah sabab tukang ngomongkeun batur. Malah ka Dirman mah nyebutna teh anak jadah.
Kapikiran kitu Dirman gura giru ka lebak, teu mirosea si Onah anu colohok.
Sabet Dirman anteng ngalamun bari mandi, di lembur gujrud imah ceu Icih kabangsatan. Anu
jadi malingna Dirman. Imah Dirman didatangan
ku pa RT, RW, katut tilu urang
hansip. Ngan orokaya saung di tengah
kuburan teh kosong.
“Pasti si Dirman
kabur,” ceuk saurang hansip.
“Mangkaning perhiasanna ge
ampir satengah kilo nu dirorod na teh,” tembah
nu hiji deui.
“Pasti dipake jajan nu
haneut-haneut geura.”
“Nu haneut-haneut naon,
bandrek?”
“Ah ilaing mah teu ngarti
basa kiasan deuleu.”
Saenggeus mandi, Dirman ngagedig ka imahna bari ngagigiwing baju kotor nu
geus diseseuh. Warga nu geus ngagimbung di hareupuen imahna araneheun
ninggali Dirman nu tiis-tiis wae jiga nu euweuh nanaon. Pa RT, hansip, katambah dua urang pulisi anu datang
paneuri jeung mandor Kurdi, caruringhak. Pulisi nu saurang lngsung ngajukeun sababaraha pertanyaan ka Dirman. Pulisi saurang deui mariksa sakabeh barang bawaan Dirman ti mimiti
seuseuhan nepi ka baju nu di pakena. Gorehel pulisi teh manggihan korek gas
jeung roko nu kari saparapat. “Eta roko jeung korek kuring,” celengkeung mandor
Kurdi. Ngadenge kitu, Dirman kalah arapap-eureupeup dumeh can sadar ka na eta
kajadian. Indungna nu karek beres buburuh bati colohok ninggali anakna nu
digiringkeun ka kantor polsek pikeun panalungtikan.
Meunang sabulan Dirman ditahan di polsek, terus dipindahkeun ka tahanan
pangadilan jang ngalakonan sidang kasus maling anu teu dilakukeunana. Awalana, Dirman
kataji pisan kana eta sidang teh sabab miharep bisa bebas tereh-tereh ngarah
manehna bisa gancang-gancang balik deui ka lemburna. Dirman melang ka indungna.
Dirman ge heran naha sapanjang manehna ditahan indungna teu ngalongok
sakali-kali acan. Oge aneh naha indungna teu dipenta katerangan dina sidang
jang mere kasaksian nu ngaringankeun. Dirman kataji negetan pengecara na nu
masih ngora tapi jembar wawasanna. Meureun mun aing bisa sakola luhur jigana bisa
jadi pengecara jiga eta budak ngora, pikir Dirman.
Saleuwih na mah eusi sidang teh pikir Dirman mah asa jijieunan, teu asup
akal, matak bosen ngabandungan. Dirman teu bisa nengetan naon-naon nu
dibahas di sapanjang sidang. Dirman teu ngarti nu dituduhkeun jaksa penuntut umum, lieur
ngabandungan pengecara na anu ngotot nyalahkeun jaksa, aneh ninggali hakim anu ngan saukur
diuk nundutan di tengah cekcok jaksa jeung pengecara.
Salila sidang Dirman ngarasa
jiga jelema kurang sare, lalanjung jeung tunduh. Sabab
teu aya deui pasualan nu disinghareupan salain ti soal hukum nu jadi bahan cekcok jaksa jeung
pengecarana. Dirman kadang teu sadar yen maranehna teh cekcok kusabab kasus Dirman.
Sadar-sadar teh dina bubuka jeung panutup sidang, dina pas hakim nakolkeun palu
kana meja. Sesana mah, Dirman loba nundutan jeung ngalamun mikiran nasib dirina, nu jadi indung, jeung tanah
astana.
Kitu jeung kitu nu dirasakeun Dirman
salila ngiluan sidang salila dua bulan teh. Ahirna sidang nepi ka kaputusan hakim. Didieu Dirman rada curinghak bari tungtungna mah kuciwa sabab
kabebasan nu dipiharep teh teu jadi. Hakim mere vonis
genep bulan penjara dipotong waktu tahanan di pengadilan dua bulan jeung di
tahanan polsek sabulan. Sesa tilu bulan deui kudu dilakonan Dirman di rumah tahanan. Naha mutuskeun genep bulan wae ge make kudu sidang salila dua bulan?
Di jero rutan, Dirman teu loba tingkah.
Malahan leuwih loba sare daripada ngiluan kagiatan nu dijieun rutan jang
pangeusi rutan. Memang aya kagiatan wajib nu kudu
dilakukeun ku pangeusi rutan, daek teu daek Dirman
maksakeun ngilu. Misalna apel pagi, olah raga, kerja bakti. Di luar eta, Dirman lolobana sare jeung sare ngarah bisa ngaliwatan waktu sapopoe di panjara. Kucarana kitu, teu karasa, najan asa lila pisan, waktu dua bulan di sel geus ampir
beak.
Dina poean bebas, Dirman
kadatangan tamu, nyaeta pengecara anu bebeakan ngabela Dirman di persidangan
tea. Si pengecara anu umurna ampir sarua jeung Dirman ngaku sanajan geus euweuh
urusan deui jeung Dirman ti saprak beres sidang, dirina ngarasa masih boga
beban moral jeung tanggung jawab sabab dina kasus eta manehna yakin Dirman teu
salah.
Si pengecaara oge mawa kabar
alus jeung kabar goreng jang Dirman. Kabar gorengna, tanah astana geus dikuasai
pabrik, malah geus diwangun komplek padumukan direksi pabrik. Sedengkeun indungna duka
cicing di mana, sabab ti saprak tanah astana diwangun, si pengecara teu manggih
laratanana. Si pengecara ngan nyaho soal indungna anu kungsi didobokong pikeun mere
cap jempol dina surat jual beuli tanah astana ku pihak pabrik jeung mandor Kurdi.
Kabar alusna? Tanya Dirman.
“Maneh bisa nuntut balik, Man. Urang buktikeun yen maneh jeung indung maneh teh
salila ieu ngan jadi korban fitnah. Tugas urang ayeuna kudu neangan indung
maneh jang saksi.” Ngadenge kitu, Dirman bati ngarahuh. Cikeneh manehna bebas,
ayeuna kudu nyinghareupan deui masalah nu leuwih ruwet. Tapi Dirman ninggali hareupan
oge di panon seukeut si pengecara.
Pernah terbit di Mingguan Galura 1 Oktober 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar